KORUPTOR 1Bah jumad nu keur cacamuilan ngadahar bubuy sampeu ..manehna keukeuh ngomong bari jeung ngosom ge sungutna pinuh panona buncelik kabeureuyan...sor kuring ngasongkeun cikopi leguk ku si abah diinum buburu nakeur....
"na geuning lancar ayeuna mah "ceuk manehna bari nyerengeh.
na ari aki baham pinuh maksa rek ngomong." rek ngomong naon aki teh ? kuring nalek.
kieu sujang aki teh rek nanya " na naon ari korupsi teh?manehna melong bangun panasaran.ih aki sugan teh rek nanya naon...kuring ngarenghap na hate mah wegah nerangkeun ieu kecap teh sok ras inget kanu jadi dunungan nu kacida kukuring dipikahormatna singhoreng mah manehna teh koruptor..ih...hanjakal
aki ari korupsi teh maok, ngarampok ,make duit nu lain hakna nya madog lah basanu pangpantesna mah ceuk kuring daria....
"baruk...tukang paok sujang "manehna jiga nu aneh.
"enya" jawab teh.da aki mah asa teu percaya tuda basa kamari lalajo tipi di imahna si ajum katempona ku aki mah eta lalaki nu ceuk beja ngalakukeun korupsi teh teu jiga-jiga tukang paok atawa jelema malarat da katempona teh meni ginding kitu sujang...malah mah kaluarna ge tina mobil nu herang tea geuning..manehna kerung
naha manehna teu bogaeun duit kitu make daek make duit batur sagala??...bah jumad katingal bangun bingung....
aki jaman kiwari nu maok teh lain jalma jore-jore, lain jalma teu boga duit pikeun meuli beas atawa udud, lain oge jalma nu teu ngarti bag-bagan agama..
edas!!!! keur meuli naon atuh duitna? si aki panasaran.
nya loba alesanana mah aya nu keur meuli pulo,meuli gunung,meuli imah atawa peternakan kuda di luar nagreg..eh luar nagri kuring nerangkeun...
ambuing-ambuing na bener kitu sujang ???aya jelema nu kadugaeun meuli pulo...baruk aya nu sok dagang pulo? bah jumad mani olohok.
nya aya atuh aki kuring ngajawab bari na hate mah hemar -hemir da bisi si aki hayang nyaho dimana mun rek meuli pulo tea.
bah jumad gogodeg na hate na mah pinuh ku pertanyaan na tisaprak nyunyuhun hulu kakara ayeuna-ayeuna aya jalma nu boga pulo sorangan. apan manehna sadar ieu pulo teh ciptaan
ALLOH nu unggal mahluk nu kumelenang di bumi alam butuh pikeun cicing.jeungna manehna sok nitenan tipi yen di kota mah loba pisan jalma nu imahna dikolong jambatan matak kitu ge pulo na geus sempit, na ieu mah aya nu boga pulo sorangan tangtuna pikeun kulawargana pikir manehna.
na sujang lamun maok duit atawa korupsi eta sabenerna duit saha?manhena nanya deui
eta teh duitna rahayat ki ,duit bangsa urang kabeh kuring nerangkeun...ke ke manehna kerung .baruk rahayat loba duitna sujang? nu ku aki katempo mah rahayat teh tong boro boga duit nu loba komo deui pikeun meuli pulo, pikeun meuli beas jeung gas paranti nyangu ge pan meni senen kemis seuseut naker...?
kuring rada bingung teu bisa nerangkeun nu sajelentrena nu kira2 kahartiaeun nu ukuran si aki.
hujan raat torojol si ayim adi kuring datang ngelek hayam jago kanyaah kuring "si kukut".kang ieu sikukut aya dipipir imah sisaca ku kuring di tewak weh da kabulusan
pamikir teh rek dibawa siduru hareupeun hawu, hiap...kuring ngusap2 hulu sikukut pinuh rasa nyaah manehna bangun nu genah naker siduru bari diusapan teh.
nya harita mah carita kuring jeung aki teh kapegat heula da si ayim nyaritakeun susukan nu mangpet ,da susukan teh pinuh ku runtah nu teu palid nyarangsang di unggal gedeg panyaring runtah.
nyambung.....................