Senin, 19 Oktober 2009

Tempat ulin di Karawang.........






Hayu atuh urang nitenan wewengkon sorangan .......

MAKUPOH di sabudeureun kota

Horeng aya titinggal karuhun cina di karawang?
kungsi baheula basa nini keur jumeneng keneh anjeuna sok nyaritakeun jaman kolonial walanda loba urang tionghoa nu bumen-bumen di dieu.

samalah mah aya carita hiji urang tionghoa nu keur di incer ku walanda rek diala pati nya nyumput pisan di deukeut bojong terus nyumput di dinya teh teu katohyan tepi ka tempat eta di pangnyieunkeun pamujaan keur mieling ti anak incuna.eta patempatan teh sok disarebut wae MAKUPOH teuing naon hartina ana dititenan ku kuring teh sabudeureun eta MAKUPOH mah geuning urang tionghoa wungkul nu beunghar nu malarat campur di dinya.eta photo nu ka 1 jeung nu ka 3 di MAKUPOH jiga di beijing nya? heheh....moal aya nu apaleun ieuh padahal eta teh di bojong Karawang
eta patempatan teh sabenernya teu jauh ti Karawang kota tapi loba jalma urang dieu oge nu teu apaleun ka MAKUPOH teh ...kuring oge baheula mah sok nanya ka sorangan naha meunang kitu ari pribumi /urang islam ningalian asup ka eta tempat tapi barang apal yen saha wae bisa asup nya kuring ngahaja ulin kadinya teu aya maksud nanaon ngan ukur hayang nyaho budaya cina nu aya di wewengkon sorangan...
mangga ka urang Karawang bilih aya nu teu acan terang tingal weh lumayan nambihan elmu geura...!!!!

LOJI......pagunungan

Aya hiji deui tempat nu mineng diparake ulin teh lebahna di kiduleun kota karawang hawana lumayan seger da masih aya gunung nu hejo jeung walungan tur curug nu geus teu pati alus ceuk kuring mah mun dibandingkeun 18 taun kaliwat.....

Kaayaan baheula...
Walungan caina herang canemrang batuna sagede gede gajah tatangkalan hejo ngemploh gunung katingalna subur hawa teh tiris keneh harita mah kenca katuhueun walungan pinuh ku sawah jeung tatanen atawa kebon nu ngahasilkeun sarupaning kadu,peuteuy,jengol,kacang panjang jsb.jaman harita mah arang nu daragang teh sajajalan taya runtah salian ti kalakay daun tatangkalan didinya mah mun ka curug teh kudu nikreuh jauh naker.curugna aya cigeuntis,lalay jsb
jadi mun rek nanjak teh kudu sadia cai jeung kadaharan ngarah di curug teh bisa ngaropi atawa marurak timel.anjog ka curug sora cai nu nyurug ka batu-batu meni agem tur seah caina tiis kacida matak noroktok kabulusan barudak sakola nu nepi kadinya teh saeutik keneh jadi curug jeung patempatan sejena masih endah beresih tur rapih bawa ngajadi.di tegalan kaciri budak angon keur arulin jeung pada baturna hawar-hawar kedenge kolotok di beuheung munding/sapi ngaluarkeun sora tur wirahma nu ngageuri matak waas ...ehm...

Kaayaan ayeuna....
Walungan caina geus kiruh loba runtah nu ngaliwat sarupaning :runtah bungkus kadaharan budak ,nya bungkus ciki, bungkus peremen ,tur runtah urut sampo nu sachetan ..kade lain setan heheh..ngarapung minuhan jalan cai .kenca katuhueun walungan geus loba nu daragang meh paantel hiji saung /warung nu hiji jeung nu liana runtah pabalatak teu puguh urus kitu deui hawa nu baheula matak seger kanu awak teh ayeuna mah meh sarua wae panas bayeungyang nya najan kitu oge ari cai walungan mah masih tiis sanajan teu nyecep jiga baheula ge....warung nu teu make aturan tur runtah nu pabalatak matak ruseb sawah jeung kebon nu ngemploh hejo geus diganti ku wangunan -wangunan nu marewah /villa tea geuning kasebutna...munding sapi geus teu amprok deui duka kamarana ayeuna??...

nya dihate nu pangleutikna mah ngarasa lumengis tur ceurik naha eta patempatan nusakitu endahna teh bet salin rupa ...biheung engke isukan pageto mun anak kuring nu bungsuy rumaja naha masih aya keneh kitu gunung jeung curug teh??...engke mah 20 taun nu bakal datang duka kumaha kaayaanana walohualam....

nya tarekah urang ayeuna mah ulah loba teuing warung jeung na deui ti PEMDA satempat kudu geuwat neangan cara keur ngamumule LOJI supaya panjang umurna tur tetep kajaga alam supaya anak incu urang bisa ngarasakeun kaendahan nu kuurang pernah karasa....cag








rrllrlrlrl


ksweoieorieorkkkkkkkkkkkkkk

Tidak ada komentar:

Posting Komentar