Senin, 19 Oktober 2009

Supraissss....dak............

Hate teh keur sedih kingkin, ceurik balilihan meh unggal peuting inget kanu ninggalkeun...kuring teu indung teu bapa ,bapa mah nembe kamari tilar dunya teh ping 16 sept 2009.
ningal sapopoe kuring alum teh bapana barudak mah satekah polah ngupahan ,mere piwejang,pieling yen eta teh sifat nu kurang hade /ngukut kasedih.
harita teh tgl 18 sept 2009 kuring geus sare ti sore keneh da lalungse wae...kira2 jam 12 peuting kuring dihudangkeun ,digaruwahkeun ku sicikal nu nananggeuy kue,bapana mere kembang katresna uh....harita kuring bungah meh ngalimba inget kabageuran salaki..ngarasa kuring mah teu bageur ka salaki tuda...ieu cenah lilina geura tiup ...
sabenerna mah lain ulang taun2 teuing meureun nu utamana mah mere sumanget ka kuring nu keur jauh panineungan bae dan kakara kapapatenan.

hatur nuhun Pa, tina sagala tarekahna supaya diri imut tur bungah bihara-bihari
hampura diri teh loba dosa ka salira...geus nyieun dosa
Duh...Gusti hampura abdi

Tempat ulin di Karawang.........






Hayu atuh urang nitenan wewengkon sorangan .......

MAKUPOH di sabudeureun kota

Horeng aya titinggal karuhun cina di karawang?
kungsi baheula basa nini keur jumeneng keneh anjeuna sok nyaritakeun jaman kolonial walanda loba urang tionghoa nu bumen-bumen di dieu.

samalah mah aya carita hiji urang tionghoa nu keur di incer ku walanda rek diala pati nya nyumput pisan di deukeut bojong terus nyumput di dinya teh teu katohyan tepi ka tempat eta di pangnyieunkeun pamujaan keur mieling ti anak incuna.eta patempatan teh sok disarebut wae MAKUPOH teuing naon hartina ana dititenan ku kuring teh sabudeureun eta MAKUPOH mah geuning urang tionghoa wungkul nu beunghar nu malarat campur di dinya.eta photo nu ka 1 jeung nu ka 3 di MAKUPOH jiga di beijing nya? heheh....moal aya nu apaleun ieuh padahal eta teh di bojong Karawang
eta patempatan teh sabenernya teu jauh ti Karawang kota tapi loba jalma urang dieu oge nu teu apaleun ka MAKUPOH teh ...kuring oge baheula mah sok nanya ka sorangan naha meunang kitu ari pribumi /urang islam ningalian asup ka eta tempat tapi barang apal yen saha wae bisa asup nya kuring ngahaja ulin kadinya teu aya maksud nanaon ngan ukur hayang nyaho budaya cina nu aya di wewengkon sorangan...
mangga ka urang Karawang bilih aya nu teu acan terang tingal weh lumayan nambihan elmu geura...!!!!

LOJI......pagunungan

Aya hiji deui tempat nu mineng diparake ulin teh lebahna di kiduleun kota karawang hawana lumayan seger da masih aya gunung nu hejo jeung walungan tur curug nu geus teu pati alus ceuk kuring mah mun dibandingkeun 18 taun kaliwat.....

Kaayaan baheula...
Walungan caina herang canemrang batuna sagede gede gajah tatangkalan hejo ngemploh gunung katingalna subur hawa teh tiris keneh harita mah kenca katuhueun walungan pinuh ku sawah jeung tatanen atawa kebon nu ngahasilkeun sarupaning kadu,peuteuy,jengol,kacang panjang jsb.jaman harita mah arang nu daragang teh sajajalan taya runtah salian ti kalakay daun tatangkalan didinya mah mun ka curug teh kudu nikreuh jauh naker.curugna aya cigeuntis,lalay jsb
jadi mun rek nanjak teh kudu sadia cai jeung kadaharan ngarah di curug teh bisa ngaropi atawa marurak timel.anjog ka curug sora cai nu nyurug ka batu-batu meni agem tur seah caina tiis kacida matak noroktok kabulusan barudak sakola nu nepi kadinya teh saeutik keneh jadi curug jeung patempatan sejena masih endah beresih tur rapih bawa ngajadi.di tegalan kaciri budak angon keur arulin jeung pada baturna hawar-hawar kedenge kolotok di beuheung munding/sapi ngaluarkeun sora tur wirahma nu ngageuri matak waas ...ehm...

Kaayaan ayeuna....
Walungan caina geus kiruh loba runtah nu ngaliwat sarupaning :runtah bungkus kadaharan budak ,nya bungkus ciki, bungkus peremen ,tur runtah urut sampo nu sachetan ..kade lain setan heheh..ngarapung minuhan jalan cai .kenca katuhueun walungan geus loba nu daragang meh paantel hiji saung /warung nu hiji jeung nu liana runtah pabalatak teu puguh urus kitu deui hawa nu baheula matak seger kanu awak teh ayeuna mah meh sarua wae panas bayeungyang nya najan kitu oge ari cai walungan mah masih tiis sanajan teu nyecep jiga baheula ge....warung nu teu make aturan tur runtah nu pabalatak matak ruseb sawah jeung kebon nu ngemploh hejo geus diganti ku wangunan -wangunan nu marewah /villa tea geuning kasebutna...munding sapi geus teu amprok deui duka kamarana ayeuna??...

nya dihate nu pangleutikna mah ngarasa lumengis tur ceurik naha eta patempatan nusakitu endahna teh bet salin rupa ...biheung engke isukan pageto mun anak kuring nu bungsuy rumaja naha masih aya keneh kitu gunung jeung curug teh??...engke mah 20 taun nu bakal datang duka kumaha kaayaanana walohualam....

nya tarekah urang ayeuna mah ulah loba teuing warung jeung na deui ti PEMDA satempat kudu geuwat neangan cara keur ngamumule LOJI supaya panjang umurna tur tetep kajaga alam supaya anak incu urang bisa ngarasakeun kaendahan nu kuurang pernah karasa....cag








rrllrlrlrl


ksweoieorieorkkkkkkkkkkkkkk

BODOR..........

DAHAR DI LUAR

Jaman geus canggih sanajan teu panggih ge bisa sms-an siga nu dilakukeun ku budak
duaan ieu


emoy : Hei...nuju naon?
enok Keur ..nginput data euy?
emoy: Urang mah rek ngakeul,geus dahar can?
enok: Puguh tacan yeuh ke sakalian ka Rumah sakit ,Dahar diluar
emoy: Hayang atuh dahar diluar!!!!!
enok: Ulah di luar mah panas di dapur weh...heheh
emoy: Jadol teh!!!

CARPON......2

KORUPTOR 2

Teu karasa wanci geus pecat sawed panon poe karasa diluhureun sirah, panas pisan poe ieu mah kuring nunda dudukuy luhureun jukut dinatanggungan tuluy ngiuhan handapeun tanggal nangka nu ngajajar disisi tegalan ,kuring ngagentraan si ayim nu keur jongjon ngarit bari tetembangan sagala.na bet panas2 teuing poe ieu nya ceuk si ayim bari nyusutan kesang nu pinuh masehan awakna. enya sigana mah sore rek hujan jadi panas kasedek kuring mairan. lain kang basa kamari kunaon juragan istri dongkap meni carindul kitu? manehna nanya. kieu yim...juragan pameget teh kan geus aya 3 mingguna ngerem di polres manehna kena kasus korupsi tea geuning apal meuereu nyaneh ge? kuring ngomong.enya..kuring apal naha can beres wae kitu ? manehna malik nanya.
enya pugun gan istri kamari teh ngumaha ka kuring ..pangajualkeun sawah nu kiduleun lembur babakan tea yim? baruk rek ngajual sawah?...na teu bogaeun duit kitu? nya kitu tea yim...saprak gan pameget ditahan loba pisan cenah oknum polisi,wartawan ka arimah marenta itu ieu meres weh mun kasarna mah...tepi ka duit jeung perhiasan gan istri teh teu sirikna koredas.
ambuing2 loba nu ngagunakeun kasempatan dalam kesempitan tea meureun? adi kuring nanya..nya kira2 kitu lah...
gan istri mah carita ti sabarang gan pameget kaambeu terus dikurungan geus beak kana ratus jutana cenah,...dipenta diperes tiditu ti dieu...da eta tea tadi duit nang babari meureun babari deui beakna...
basa gan istri wakca ka akang kamari mah lain eta wae kasedih anjeuna teh yim,,,kakara katohyan gan pameget gaduh nu anom teu jauh didieu ge imahna di cijahe ..apal meureun maneh ge ..mojang cijahe nu daronto mah...
enya apal atuh cijahe mah...na saha garwana si agan teh atuh? si ayim mencrong ka kuring. nya kuring ge percaya teu percaya yim,,si agan teh kawin jeung si satem geuning penyanyi organ tea nu dilandih mita nirmala dipanggung mah ...baruk adi kuring kerung...nyaneh nyaho sorangan si satem / mita kacida dontona cacak-cacak randa anak 2 ge katemponan jiga parawan bae pangawakanana mah geuning.
si agan teh geus aya satauna ngawin si satem teh da nyaan kuring nu jadi supirna ge teu apal.pernah babaraha kali si agan sok rajeun tara daek dianter mawa mobil sorangan pajarteh aya rapat rusiah teu menang nyaho batur dimana tempat rapatna. ningal kana kaayaan si satem ayeuna sigana mah si agan teh bebeakan nyumponan nu ngora teh tuh tingal weh imahna ge kacida tohagana ayeuna mah ,barang emas rembel ,motor ge pan herang jeungna deui asa leuwih geulis si satem ayeuna mah da puguh tara elat ka salon teh meh unggal minggu.kuring ngahuleng ras inget ka dunungan nu pastina keur sangsara dijero bui teh nya nu riweuh mah geuning tetep weh jikan nu kolot gan istri nu istuning satia satuhu mah geuning si satem mah teu kaciri cukang irung-irungna acan tisaprak si agan dikurungan ge.
nya ari ningal kana balukarna mah geuning ngalajur napsu teh matak nyangsarakeun awak lain awak sakujur hungkul nu kasiksa teh anak pamajikan ge nanggung akibatna. nya ayeuna nu ngora nu kacida di momoy teh geuning teu bisa ngabantu nanaon bebeneran naker ada uang abang sayang ga ada uang abang ditendang teh sanes bobohongan. ehm,,,,karunya teuing gan istri anjeuna anu tohtohan ti sangsara tepi ka manggih kamulyaaan geus senang direbut batur sangsara kabagean deui wae .
ningal kajadian ieu teh kuring mah bati rumahuh da enya hiji kuring leungit pagawean da si agan nu ngagajihna ge keur dikurungan ,kadua-dua karunya ka gan istri sangsara kurang sagala rupa ngurusan anak jeung sagala rupana sosoranganan. duh enya geuning kahayang nu loba kasempetan nu aya tur hate nu teu panceg ngabalukarkeun korupsi.....

WANOJA............zaman baheula....


Gusti...tangtu Anjeun geus nyieun jalan kahirupan keur kuring papaitna mamanisna geus sadia jeungna deui aya maksudna Anjeun nyieun diri teh jadi awewe lain lalaki
kuring kudu bisa ngagali naon maksud Anjeuna?
ehm....Gusti kuring keur wanoja memejehna beger tur payu kalalaki sok mikir naha bet wanoja jiga kuring pada ningalian pada nyaketan? ...meureun aya kauunggulan diri nu ku Anjeun dititipkeun kadiri.
jaman wanoja kuring keur meujeuh tarekah neangan elmu nambahan kanyaho lain ngan ukur kadunyaan tangtu ge di sarengan kanggo engke mulang
harita kuring wanoja nu keur bingung netepkeun pilihan keur batur hirup dugi kakuring nutupkeun panon.
Gusti..ijin ti Anjeun kuring ngahiji jeung hiji jajaka ceuk pikiran kuring mah pantes keur kuring hade basa kasasama teu matak cua. nya Anjeuna nu ayeuna marengan lengkah2 kuring ,nyumponan sagala kahayang rasa nu teu aya beakna.
kuring anjeuna suka jeung suka ,ngenah lugina tumaninah.
wanoja harita ayeuna geus meh jadi indung sampurna dibere pancen ngurus 2 manusa Insya Allah nu mulia .titipan Anjeun Gusti sampurna nu hiji awewe hiji lalaki nu mere kabagjaan ka kuring duaan nu ngolah hirup rumah tangga.
Gusti sajeroning hirup kuring,salaki aya oge pabentar pahamna beda kahayangna ngan enya mungguh nimat ti Anjeun kuring duaan bisa ngaliwatanana bisa neruskeun hirup rumah tangga dugi ka danget ieu.
Gusti mugia dodoja rumah tangga tong seueur teuing dodoja susah ,dodoja senang tong ditepangkeun deui kanu kajadian2 anu matak pidosaeun matak ngotoran hirup rumah tangga .harepan teh kuring bisa satia satuhu ka Anjeuna tur sabalikna...
Nyuhunkeun ditebihkeun tina gogoda dodoja ti jalma lian nu ngabalukarkeun runtagna rumah tangga ieu amien....
Gusti legana sagara moal bisa nandingan legana asih Gusti keur umatna hususna kuring wanoja nu geus meotan ............